Aya rasa anu ngageuri...
Mangsa neutep kalangkang diri..
Dina kaca anu pinuh ku kekebul dosa..
Ngalenyepan poe isuk nu can tangtu pinanggih
Lantaran ajal pati dikeukeuweuk ku Gusti Anu Hiji.
Duh kalakay hideung awur-awuran
Di jajalaneun teu kasapukeun
Sorangeun nu geus deukeut
Naha bakal mawa bagja boa sangsara.....
Tidak ada komentar:
Posting Komentar